KADUHUNG TEU
MANGGIH TUNGTUNG
Ku : Neng Tintin
Kurniati
Srek...
srekk... srekk... sora sapu nyéré
nu keur dipaké sasapu ku Bi Limah nyapukeun daun jambu nu murag katebak angin
peuting. Angin seger isuk-isuk ngahiliwir ngagaringkeun késang nu nyurudcud
dina tarang jeung punduk Bi Limah nu katinggalina geus barang gawé ti subuh
kénéh. Anjeuna ninggali Neng Syantika turun tina ojeg, duka karek balik timana
wayah kieu.
“ Mulih timana Néng?” Bi Limah nanya
bari rengkuh.
“Ti bumi réréncangan!” témbalna bari
semu peura siga nu karék hudang saré, tuluy ngaléos bari teu punten-punten
acan.
Urang
sunda teh ongkoh katelah rengkuh, amis budi tapi éta pasipatan téh teu kaciri
dina diri Néng Syantika budak Kang Odéd jeung Ceu Tati, da ninggali indung
bapana mah meni sopan jeung sok resep babagi lamun hasil tanina loba téh. Di
Kampung Pasir Koja ieu teh loba rumaja anu nuluykeun sakolana nepi ka SMA jeung
loba oge anu nepi kuliah, da teu siga baheula sakolah teh cukup nepikeun ka SD
da ceuk kolot baheula ge awéwémah sanajan sakola luhur nepi ka sarjana atawa
leuwih gé da angger tungtungnamah ka dapur deui, ka sumur deui, jeung ka kasur
deui pokna téh. Teu siga jaman ayeuna barudak téh harayang nuluykeun sakolah pa
jauh-jauh gagayaan hayang ngakos barijeung SMA kénéh jeung deuih arembung
sakola di lembur da hayang ka kota dinu sakola nu alus tur duitna ge hadé
pisan. Sakola dinu alus téa ayana ge di kota nu ilaharna pergaulana bebas jeung
deuih lamun balik ka kampung teh sok di saruakeun jeung di kota boh dina
pakeana atawa dina cara ngomongna.
“Mulih timana sholeh anaking wayah kieu
nembe mulih?” tanya Ceu Tati.
“Apanan abiteh tos wawartos ka mamah
badé ngerjakeun tugas sakola di bumi Nina” tembal Neng Syantika bari buad-baeud.
“Cik anaking anggoan teh sing bener
nganggo lancinan anu panjang, ngangge acuk anu logor ieumah purukutat-pereketet
jeung enéng téh ayeuna tos baligh cik mastaka teh tutupan ku tiung, aurat da
angger éngké teh nu di tanyaan diakhérat teh mamah jeung bapa anu bakal
tanggung jawabna di tanya ku Gusti Allah. Saréng deui biasakeun bobo di bumi da
mamah téh isin ku tatangga enéng balik isuk-isuk maruk we timana. Omatnya
geulis bageur sing nurut ka mamah”.
“Enya.............” tembal Syantika bari
ngaleos ka kamar.
Kacirina Syantika keur dadapangan bari nyoo hape
katinggalina anjeuna keur Fcebookan tuluy nyieun status dina Facebook, ngaran
Facebookna téh teu saluyu jeung ngaran manehna ti keur leutik nyaéta Ntix Surantix Mirintix
“
Kzl... Kzl... Kzl.. baru ugha pulang udach di marahin ajha cama ci mamih mana
aku teh lapar lum sarapan, mamih malah masak sangu liwet ditumpangin asin kan
si aku teh gax cuka, biasanya makan pasta sama nogat dari indomuter ah bete
cekali”. Eusi status neng
syantika nu teu paruguh ejaanna jeung teu puguh make bahasa anu alay.
“Kring...”
aya anu ngakomen dina statusna téh,
ngarana Budi Mangku Bumi Teu Kaangkat.
“Kunaon atuh Neng? Bete mah hayu urang
ameng saréng aa J”. bari aya tanda seuri.
“Hayu aa bawa Neng jauh pergi dari sini,
Neng lelah aa sampe ngudupruk gini”. jawab Syantika.
Tuluy we Syantika jeung Budi teh kenalan
dina facebook dituluykeun ku paamprok di Alun-alun, nya dinu foto facebookna
émang kasép nu ngaran Budi téh parawkanamah kawas Indra Brugman artis anu ti
Tasik téa. Ngakunamah gawe di Deller motor manehna teh bos cénah beunghar jeung
osok ngajajanan Syantika, pangmeulikeun baju jeung kabutuhanna. Budi téh kungsi
ka imah, paamprok jeung indung bapana Syantika peuting-peuting bari apél mawa
martabak amis jeung martabak telor bangka nu katelah ngeunah jeung payu.
“Nepangkeun Pak, wasta abdi Budi”.
“Nepangkeun Bapa teh ramana si Neng,
timana panglinggihan?”. tanya bapa ka Budi.
“Abdi ti Legok Hangseur pak”.
“Aya pamaksadan naon asep kadieu téh?”.
Bapa nanya deui
“Bapa meni kepo, nya hayangeun wé
atuh!!!”. Neng Syantika ngagorowok ti dapur.
“Eh lain kitu jeung naon deuih jeung
ngmong kéjo kéjo hareupeun tamu éra, da kéjo mah aya dinu boboko meunang
ngahaneutkeun tadi beurang”. témbal bapa.
“Ari bapa saha anu nyarita kéjo? Kepo
bapa Kepo”.
“Heueuh naon atuh kepo teh ari ngobrol
jeung kolot mah biasa we, opieun naon atuh Kepo teh? Hayang ngasaan isuk mah
Sép tong mawa martabak nya bapa hayang ngasaan kepo”.
“Naon ari bapa kana opieun téh meni
haget, kepo teh hayang apal wae urusan batur , lain opieun lamun opieun mah
karek kéjo pan ceuk bapa ge aya dina boboko”. Tembal Syantika bari diuk dina
korsi.
“Abdi teh sumping ka rorompok bapa bade
nepangkeun yén abdi teh kabogohna si Neng, abdi bade leres-leres ka Neng, insya
allah hoyong dugi ka nikah abdi nyaah pisan ka Neng, kumaha bapa miwah ibu bade
ngawidian moal?”. Tanya Budi bari urupap-eureupeup.
“Nya bapa mah kumaha si Neng we, ngan da
saurna Neng téh hoyong kuliah heula hoyong janten dokter anak, jantén wayahna
wé tungguan heula nepi lulus”. Ceuk bapa ka Budi.
“Pami Perkawis étamah gampil pa, keun
Neng sina kuliah di Jakarta perkawis biaya mah tanggal waler abi, da abdi gé
sami damel di Jakarta”. Budi ngayakinkeun Bapa.
Bapa ngawidian jeung pecaya kana
omongana Budi anu bisa ngaragap haté bapa, sangkan Bapa bisa ngaleupaskeun Neng
Syantika ka leungeun Budi. Isukna Syantika pamitan ka bapa jeung indungna, rék
ka Jakarta kuliah. Indung bapana teu
wasa ninggali budak hihijina nu diurus ti orok, kawas nanggeuy endog
beubeureumna ka Syantika téh. Tapi lamun Syantika di lembur wae moal boga
pangalaman jeung moal jadi nanaon lamun teu kuliah mah meungpeung aya lalaki nu
bener-bener rek ngajeujeuhkeun Syantika. Tuluy wae Syantika teh indit saenggeus
sasalaman.
Beurang, peuting indung bapana teu weléh
mikiran Syantika sieun kumaha onam, timimiti indit ayeuna geus 5 bulan eweuh
kabar sugan nelepon ka tatanggana atawa balik heula da kuliah ge aya liburna,
bati ceurik we indung bapana haté nagjerit maratan langit hayang nyusul teu
apal alamatna, sok sieun kalangsu da teu apal jalan, rék nelepon, nelepon ka
saha teu boga hape jeung teu boga nomer Budi.
“Anaking, naha meni kabina-bina teuing,
kamalinaan nyaba teh poho ka indung poho ka bapa, anaking gera balik bapa jeung
mamah sono hayang patepung da umur mah saha nu apal, hampura bapa jeung mamah
anaking”. Bapa ngalamun dina gologog bari cipanon ngeclak kana kulitna anu geus
peot.
“Kunaon mang? Ngalamun wae dina
bangbarung” tanya Siska babaturan SMPna Syantika.
“Inget ka si Neng amang teh nyi, naha
nyai ge nu kuliah sarua ka Jakarta asa henteu teungteuingeun ka indung bapa,
nyai ge bisa balik riung mungpulung jeung sadudulur da ieumah meni teu
balik-balik”.
“Harrr maenya mang? Naha atuh teu
ditelepon ku amang?”.
“nyasat nyai, teu boga nomerna ge”.
“Da abdi waktos di Jakarta téh kungsi
ninggali Syantika di tempat karaoke mang, duka keur arulin jeung babaturanna
duka keur naon, da abdi mah kur ngaliwat hungkul”.
“Maenya nyi Siska? Ah sing bener moal
mungkin si Neng jigjigan kanu kitu patut da niatna ka Jakarta téh rek nyiar
élmu, ari ka Jakarta rék kitu mah mending geus we cicing di kampung mantuan ibi
ka kebon”. Tembal ceu Tati ti jero bari ngasruk-ngasruk suluh dina hawu.
“Keun we bi, mang, ke ku abdi urang
nyuhunkeun nomerna ngaliwatan facebook, ke ku abdi disaurkeun deui ka amang
sareng ka ibi”.
Siska tuluy ninggalian Facebook anu
Syantika, jeung singhoreng Syantika dibawa ka Jakarta téh kur di gawékeun di
tempat karaoke jadi pamandu lagu anu biasa make baju anu teu pantes jeung
kurang bahan alias seksi, kelek tembong, pingping nya kitu tea. Syantika
ngobrol dina Facebook jeung Siska yén manéhna teh ngabohong kuliah marijeung
gawé anu teu pararuguh téa.
“Sis,
punten pang bejakeun ka mamah ka bapa Syantika geus ngareunah hirup di Jakarta,
sagala kacumponan, moal ngahésékeun mamah jeung bapa di lembur Syantika bebas
didieu, Syantika henteu jadi kuliah didieu da ceuk Kang Budi gé biayana mahal
jeung moal ka udag. hampura kituh lamun Syantika moal waka balik da ieu
pigaweeun teu bisa ditinggalkeun, ieu nomer whatsap anu Syantika 081323456789”
“Mending ge mulang heula Tik, sing
karunya ka bapa jeung mamah keun bae tinggalkeun pigaweeun mah tik.” Balesan ti siska teu
kungsi dibales ku Syantika nya Siska teh nepikeun amanat ti Syantika tah saprak
indung bapana nampa amanat anu ditepikeun ku Siska brek we indung bapana téh
gering kusabab mikiran anakna nu teu kungsi balik, kebon teu ka urus, imah
pabalatak teu paruguh, duanana ngaringkung gering awak jeung gering fikiran
Sataun dua taun Siska teu balik wae, hiji waktu indung bapana géring nepi ka
parna di bawa ka rumah sakit ku pa lurah jeung kader-kader indung bapana tuluy
gunam hayang panggih jeung Syantika. Diteleponan teu diangkat wae jeung
ninggali dinu Facebook statusna teh tagiwur bangun anu karek putus jeung
kabogohna.
Waktu teu karasa geus opat kali puasa
jeung geus opat kali lebaran aya nu ngurunyung isuk-isuk turun tina mobil
avanza bodas, jeung lalaki make kameja, kasep bodas bangun nu beunghar tur
sholeh jeung dina tarangna aya nu hideungan tanda rajin sholat.
“Eleuh haturan Neng Syantika meni geulis kalinglap ari di
tiung mah, kamana wae? Naha teu apal?” tanya bi Limah nu keur ngadurukan di
hareupeun imahna.
“Heee Alhamdulillah kumaha bi Limah
damang? Teu apal naon bi?”
“Alhamdulillah sae, hayu atuh linggih
heula ka rorompok cai haneut nembé curr”
“Mangga ah teu kiat sono hoyong patepang
sareng mamah sareng bapa”.
Neng
Syantika téh putus jeung Kang Budi lantaran boga pamajikan jeung ngan
ngamanfaatkeun hungkul di peres duitna, diarah tanagana nya Syantika téh lumpat
ka pasantren hayang meresihkeun awak jeung hayang tobat. Di pasantren Syantika
panggih jeung budakna anu ngabogaan pasantren anu karék méreskeun kuliahna di
Kairo, Mesir. nya lila kalilaan eta lalaki téh bogoheun ka Syantika nepi ka
hayang ngakhitbah jeung nu ngajurungkeun Syantika nepungan indung bapana téh
lalaki eta da hayang menta idin ka indung bapana Syantika. Barang nepi ka
lawang panto tuluy Syantika téh ngetrok panto.
“Assalamualaikum,
mah, pa ieu Néng mulih mah pa!” gorowok Syantika
“Waalaikumsalam
Néng, ieu téh Néng Syantika téa mangga calik” anu muka panto téh ibu lurah.
“Naha
gening bu aya ibu lurah di bumi bapa?”
“Sok
Néng calik heula, reureuh heula capé. Mangga
Sep linggih” Ceuk bu lurah bari siga nu bingung.
“Kieu Néng geulis anaking sholehah,
sing teger nya Néng sing Ikhlas” Bu
Lurah bari ngusap mastaka Neng Syantika
“Naha aya naon ibu? Mana mamah? Mana
bapa?” bari carinakdak.
“Bapa sareng mamah téh atos ngantunkeun
5 sasih kapengker, tos da mamah sareng bapa mah atos saé nagntunkeunage mamah
sareng bapa téh teu damang lami, gunam wae hoyong pendak sareng Néng, hoyong
tuang sasarengan deui, hoyong netepan berjamaah deui sapertos kapungkur, hoyong
ocon di dapur bari mirun seuneu ngabubuy hui hujan-hujan Néng sing tabah
ikhlaskeun mamah sareng bapa omatnya Néng keun wios da aya ibu aya pakukumaha
saréng ibu ayeunamah”.
“Ibu mah sok lulucon kitu ka Néng téh.
Da mamah mah aya di hawu nuju nyampakeun tuang kangge Néng. Mamamahhh dimana
atuh mamah teeh? Bapa ieu Néng bapaa. Hampura Neng mamah bapaaa acan bisa
mulang tarima ka mamah jeung ka bapa” Syantika lumpat ka kamar indung bapana nu
biasana sok aya ngagoler duanana ayeunamah kasur téh rapih teu aya sasaha.
“Mamah, Bapa enéng kaduhung teu
sosonoan, enéng kaduhung ninggalkeun mamah jeung bapa, lamun enéng teu indit
moal kieu jadina. Ayeuna enéng eweuh pamuntangan, kudu kasha enéng
nyalindung?kudu kasaha enéng menta
tulung? Kaduhung-kaduhung sagedé gunung, kaduhung teu manggih tungtung”..
Tamat.......
Tidak ada komentar:
Posting Komentar