Minggu, 04 Maret 2018

Carpon Bahasa Sunda "Kaduhung Teu Manggih Tungtung" Ku : Neng Tintin Kurniati Nurjulianti Saniah


KADUHUNG TEU MANGGIH TUNGTUNG
Ku : Neng Tintin Kurniati
Srek... srekk... srekk... sora sapu nyéré nu keur dipaké sasapu ku Bi Limah nyapukeun daun jambu nu murag katebak angin peuting. Angin seger isuk-isuk ngahiliwir ngagaringkeun késang nu nyurudcud dina tarang jeung punduk Bi Limah nu katinggalina geus barang gawé ti subuh kénéh. Anjeuna ninggali Neng Syantika turun tina ojeg, duka karek balik timana wayah kieu.
“ Mulih timana Néng?” Bi Limah nanya bari rengkuh.
“Ti bumi réréncangan!” témbalna bari semu peura siga nu karék hudang saré, tuluy ngaléos bari teu punten-punten acan.
            Urang sunda teh ongkoh katelah rengkuh, amis budi tapi éta pasipatan téh teu kaciri dina diri Néng Syantika budak Kang Odéd jeung Ceu Tati, da ninggali indung bapana mah meni sopan jeung sok resep babagi lamun hasil tanina loba téh. Di Kampung Pasir Koja ieu teh loba rumaja anu nuluykeun sakolana nepi ka SMA jeung loba oge anu nepi kuliah, da teu siga baheula sakolah teh cukup nepikeun ka SD da ceuk kolot baheula ge awéwémah sanajan sakola luhur nepi ka sarjana atawa leuwih gé da angger tungtungnamah ka dapur deui, ka sumur deui, jeung ka kasur deui pokna téh. Teu siga jaman ayeuna barudak téh harayang nuluykeun sakolah pa jauh-jauh gagayaan hayang ngakos barijeung SMA kénéh jeung deuih arembung sakola di lembur da hayang ka kota dinu sakola nu alus tur duitna ge hadé pisan. Sakola dinu alus téa ayana ge di kota nu ilaharna pergaulana bebas jeung deuih lamun balik ka kampung teh sok di saruakeun jeung di kota boh dina pakeana atawa dina cara ngomongna.
“Mulih timana sholeh anaking wayah kieu nembe mulih?” tanya Ceu Tati.
“Apanan abiteh tos wawartos ka mamah badé ngerjakeun tugas sakola di bumi Nina” tembal Neng Syantika bari buad-baeud.
“Cik anaking anggoan teh sing bener nganggo lancinan anu panjang, ngangge acuk anu logor ieumah purukutat-pereketet jeung enéng téh ayeuna tos baligh cik mastaka teh tutupan ku tiung, aurat da angger éngké teh nu di tanyaan diakhérat teh mamah jeung bapa anu bakal tanggung jawabna di tanya ku Gusti Allah. Saréng deui biasakeun bobo di bumi da mamah téh isin ku tatangga enéng balik isuk-isuk maruk we timana. Omatnya geulis bageur sing nurut ka mamah”.
“Enya.............” tembal Syantika bari ngaleos ka kamar.
Kacirina Syantika keur dadapangan bari nyoo hape katinggalina anjeuna keur Fcebookan tuluy nyieun status dina Facebook, ngaran Facebookna téh teu saluyu jeung ngaran manehna ti keur leutik nyaéta Ntix Surantix Mirintix
“ Kzl... Kzl... Kzl.. baru ugha pulang udach di marahin ajha cama ci mamih mana aku teh lapar lum sarapan, mamih malah masak sangu liwet ditumpangin asin kan si aku teh gax cuka, biasanya makan pasta sama nogat dari indomuter ah bete cekali”. Eusi status neng syantika nu teu paruguh ejaanna jeung teu puguh make bahasa anu alay.
“Kring...” aya anu ngakomen dina statusna téh, ngarana Budi Mangku Bumi Teu Kaangkat.
“Kunaon atuh Neng? Bete mah hayu urang ameng saréng aa J”. bari aya tanda seuri.
“Hayu aa bawa Neng jauh pergi dari sini, Neng lelah aa sampe ngudupruk gini”. jawab Syantika.
Tuluy we Syantika jeung Budi teh kenalan dina facebook dituluykeun ku paamprok di Alun-alun, nya dinu foto facebookna émang kasép nu ngaran Budi téh parawkanamah kawas Indra Brugman artis anu ti Tasik téa. Ngakunamah gawe di Deller motor manehna teh bos cénah beunghar jeung osok ngajajanan Syantika, pangmeulikeun baju jeung kabutuhanna. Budi téh kungsi ka imah, paamprok jeung indung bapana Syantika peuting-peuting bari apél mawa martabak amis jeung martabak telor bangka nu katelah ngeunah jeung payu.
“Nepangkeun Pak, wasta abdi Budi”.
“Nepangkeun Bapa teh ramana si Neng, timana panglinggihan?”. tanya bapa ka Budi.
“Abdi ti Legok Hangseur pak”.
“Aya pamaksadan naon asep kadieu téh?”. Bapa nanya deui
“Bapa meni kepo, nya hayangeun wé atuh!!!”. Neng Syantika ngagorowok ti dapur.
“Eh lain kitu jeung naon deuih jeung ngmong kéjo kéjo hareupeun tamu éra, da kéjo mah aya dinu boboko meunang ngahaneutkeun tadi beurang”. témbal bapa.
“Ari bapa saha anu nyarita kéjo? Kepo bapa Kepo”.
“Heueuh naon atuh kepo teh ari ngobrol jeung kolot mah biasa we, opieun naon atuh Kepo teh? Hayang ngasaan isuk mah Sép tong mawa martabak nya bapa hayang ngasaan kepo”.
“Naon ari bapa kana opieun téh meni haget, kepo teh hayang apal wae urusan batur , lain opieun lamun opieun mah karek kéjo pan ceuk bapa ge aya dina boboko”. Tembal Syantika bari diuk dina korsi.
“Abdi teh sumping ka rorompok bapa bade nepangkeun yén abdi teh kabogohna si Neng, abdi bade leres-leres ka Neng, insya allah hoyong dugi ka nikah abdi nyaah pisan ka Neng, kumaha bapa miwah ibu bade ngawidian moal?”. Tanya Budi bari urupap-eureupeup.
“Nya bapa mah kumaha si Neng we, ngan da saurna Neng téh hoyong kuliah heula hoyong janten dokter anak, jantén wayahna wé tungguan heula nepi lulus”. Ceuk bapa ka Budi.
“Pami Perkawis étamah gampil pa, keun Neng sina kuliah di Jakarta perkawis biaya mah tanggal waler abi, da abdi gé sami damel di Jakarta”. Budi ngayakinkeun Bapa.
Bapa ngawidian jeung pecaya kana omongana Budi anu bisa ngaragap haté bapa, sangkan Bapa bisa ngaleupaskeun Neng Syantika ka leungeun Budi. Isukna Syantika pamitan ka bapa jeung indungna, rék ka Jakarta kuliah. Indung  bapana teu wasa ninggali budak hihijina nu diurus ti orok, kawas nanggeuy endog beubeureumna ka Syantika téh. Tapi lamun Syantika di lembur wae moal boga pangalaman jeung moal jadi nanaon lamun teu kuliah mah meungpeung aya lalaki nu bener-bener rek ngajeujeuhkeun Syantika. Tuluy wae Syantika teh indit saenggeus sasalaman.
Beurang, peuting indung bapana teu weléh mikiran Syantika sieun kumaha onam, timimiti indit ayeuna geus 5 bulan eweuh kabar sugan nelepon ka tatanggana atawa balik heula da kuliah ge aya liburna, bati ceurik we indung bapana haté nagjerit maratan langit hayang nyusul teu apal alamatna, sok sieun kalangsu da teu apal jalan, rék nelepon, nelepon ka saha teu boga hape jeung teu boga nomer Budi.
“Anaking, naha meni kabina-bina teuing, kamalinaan nyaba teh poho ka indung poho ka bapa, anaking gera balik bapa jeung mamah sono hayang patepung da umur mah saha nu apal, hampura bapa jeung mamah anaking”. Bapa ngalamun dina gologog bari cipanon ngeclak kana kulitna anu geus peot.
“Kunaon mang? Ngalamun wae dina bangbarung” tanya Siska babaturan SMPna Syantika.
“Inget ka si Neng amang teh nyi, naha nyai ge nu kuliah sarua ka Jakarta asa henteu teungteuingeun ka indung bapa, nyai ge bisa balik riung mungpulung jeung sadudulur da ieumah meni teu balik-balik”.
“Harrr maenya mang? Naha atuh teu ditelepon ku amang?”.
“nyasat nyai, teu boga nomerna ge”.
“Da abdi waktos di Jakarta téh kungsi ninggali Syantika di tempat karaoke mang, duka keur arulin jeung babaturanna duka keur naon, da abdi mah kur ngaliwat hungkul”.
“Maenya nyi Siska? Ah sing bener moal mungkin si Neng jigjigan kanu kitu patut da niatna ka Jakarta téh rek nyiar élmu, ari ka Jakarta rék kitu mah mending geus we cicing di kampung mantuan ibi ka kebon”. Tembal ceu Tati ti jero bari ngasruk-ngasruk suluh dina hawu.
“Keun we bi, mang, ke ku abdi urang nyuhunkeun nomerna ngaliwatan facebook, ke ku abdi disaurkeun deui ka amang sareng ka ibi”.
Siska tuluy ninggalian Facebook anu Syantika, jeung singhoreng Syantika dibawa ka Jakarta téh kur di gawékeun di tempat karaoke jadi pamandu lagu anu biasa make baju anu teu pantes jeung kurang bahan alias seksi, kelek tembong, pingping nya kitu tea. Syantika ngobrol dina Facebook jeung Siska yén manéhna teh ngabohong kuliah marijeung gawé anu teu pararuguh téa.
Sis, punten pang bejakeun ka mamah ka bapa Syantika geus ngareunah hirup di Jakarta, sagala kacumponan, moal ngahésékeun mamah jeung bapa di lembur Syantika bebas didieu, Syantika henteu jadi kuliah didieu da ceuk Kang Budi gé biayana mahal jeung moal ka udag. hampura kituh lamun Syantika moal waka balik da ieu pigaweeun teu bisa ditinggalkeun, ieu nomer whatsap anu Syantika 081323456789
“Mending ge mulang heula Tik, sing karunya ka bapa jeung mamah keun bae tinggalkeun  pigaweeun mah tik.” Balesan ti siska teu kungsi dibales ku Syantika nya Siska teh nepikeun amanat ti Syantika tah saprak indung bapana nampa amanat anu ditepikeun ku Siska brek we indung bapana téh gering kusabab mikiran anakna nu teu kungsi balik, kebon teu ka urus, imah pabalatak teu paruguh, duanana ngaringkung gering awak jeung gering fikiran Sataun dua taun Siska teu balik wae, hiji waktu indung bapana géring nepi ka parna di bawa ka rumah sakit ku pa lurah jeung kader-kader indung bapana tuluy gunam hayang panggih jeung Syantika. Diteleponan teu diangkat wae jeung ninggali dinu Facebook statusna teh tagiwur bangun anu karek putus jeung kabogohna.
Waktu teu karasa geus opat kali puasa jeung geus opat kali lebaran aya nu ngurunyung isuk-isuk turun tina mobil avanza bodas, jeung lalaki make kameja, kasep bodas bangun nu beunghar tur sholeh jeung dina tarangna aya nu hideungan tanda rajin sholat.
“Eleuh haturan  Neng Syantika meni geulis kalinglap ari di tiung mah, kamana wae? Naha teu apal?” tanya bi Limah nu keur ngadurukan di hareupeun imahna.
“Heee Alhamdulillah kumaha bi Limah damang? Teu apal naon bi?”
“Alhamdulillah sae, hayu atuh linggih heula ka rorompok cai haneut nembé curr”
“Mangga ah teu kiat sono hoyong patepang sareng mamah sareng bapa”.
            Neng Syantika téh putus jeung Kang Budi lantaran boga pamajikan jeung ngan ngamanfaatkeun hungkul di peres duitna, diarah tanagana nya Syantika téh lumpat ka pasantren hayang meresihkeun awak jeung hayang tobat. Di pasantren Syantika panggih jeung budakna anu ngabogaan pasantren anu karék méreskeun kuliahna di Kairo, Mesir. nya lila kalilaan eta lalaki téh bogoheun ka Syantika nepi ka hayang ngakhitbah jeung nu ngajurungkeun Syantika nepungan indung bapana téh lalaki eta da hayang menta idin ka indung bapana Syantika. Barang nepi ka lawang panto tuluy Syantika téh ngetrok panto.
            “Assalamualaikum, mah, pa ieu Néng mulih mah pa!” gorowok Syantika
            “Waalaikumsalam Néng, ieu téh Néng Syantika téa mangga calik” anu muka panto téh ibu lurah.
            “Naha gening bu aya ibu lurah di bumi bapa?”
            “Sok Néng calik heula, reureuh heula capé.    Mangga Sep linggih” Ceuk bu lurah bari siga nu bingung.
“Kieu Néng geulis anaking sholehah, sing  teger nya Néng sing Ikhlas” Bu Lurah bari ngusap mastaka Neng Syantika
“Naha aya naon ibu? Mana mamah? Mana bapa?” bari carinakdak.
“Bapa sareng mamah téh atos ngantunkeun 5 sasih kapengker, tos da mamah sareng bapa mah atos saé nagntunkeunage mamah sareng bapa téh teu damang lami, gunam wae hoyong pendak sareng Néng, hoyong tuang sasarengan deui, hoyong netepan berjamaah deui sapertos kapungkur, hoyong ocon di dapur bari mirun seuneu ngabubuy hui hujan-hujan Néng sing tabah ikhlaskeun mamah sareng bapa omatnya Néng keun wios da aya ibu aya pakukumaha saréng ibu ayeunamah”.
“Ibu mah sok lulucon kitu ka Néng téh. Da mamah mah aya di hawu nuju nyampakeun tuang kangge Néng. Mamamahhh dimana atuh mamah teeh? Bapa ieu Néng bapaa. Hampura Neng mamah bapaaa acan bisa mulang tarima ka mamah jeung ka bapa” Syantika lumpat ka kamar indung bapana nu biasana sok aya ngagoler duanana ayeunamah kasur téh rapih teu aya sasaha.
“Mamah, Bapa enéng kaduhung teu sosonoan, enéng kaduhung ninggalkeun mamah jeung bapa, lamun enéng teu indit moal kieu jadina. Ayeuna enéng eweuh pamuntangan, kudu kasha enéng nyalindung?kudu  kasaha enéng menta tulung? Kaduhung-kaduhung sagedé gunung, kaduhung teu manggih tungtung”..

Tamat.......